Guguritan (Ti Wikimedia)
nyaéta ungkara sastra anu winangun dangding atawa pupuh anu sakapeung ogé sok disebut wawacan.[1] Henteu aya wangenan anu cindek anu
ngabédakeun guguritan jeung wawacan.[1] Sanajan guguritan mah biasana
dipaké nyebut dangding anu henteu panjang tur biasana ngagambarkeun rasa lirik
anu nulisna atawa mangrupa naséhat, sedengkeun ari wawacan biasana mangrupa
carita, tapi henteu saeutik guguritan anu panjangna leuwih ti wawacan, upamana
guguritan kénging H. Hasan Mustapa (1852-1930) aya nu panjangna nepika
500 pada, réréana panjangna kurang leuwih 200 pada, sabalikna réa wawacan anu
ngan ukur saratus dua ratus pada.[1] Kitu deui aya deuih guguritan anu
eusina mangrupa carita anu kayaning "Kiamat Leutik" kénging Toebagoes Djajadilaga atawa "Nu Alus Tetep
Alusna" Kénging A. Kartawinata ( dimuat dina mingguan Parahiangan, 1930).[1]
Ari H. Moehamad Moesa nyebut dangdinganana Wulangkrama, Wulang Guru, jeung Wulang Murid anu eusina naséhat tur panjangna masing-masing ngan
ukur wewelasan jeung likuran pada téh, wawacan.[1] Jadi umumna mah bédana guguritan
jeung wawacan téh sok dumasar kana panjang-pondokna baé, salian ti gumantung
kana kahayang nu nganggitna téh.[1] Nu panjang mahi sabukueun disebut
wawacan, sanajan eusina henteu ngalalakon, sabalikna nu pondok disebut
guguritan sanajan ngalalakon.[1] Sumberna ngan sacara lisan pada
ngapalkeun atawa paling-paling diseténsil pikeun lingkungan husus.[1].
Wangun basa
ugeran anu ditulis saluyu jeung aturan dangding, biasana mangrupa lirik anu
ngalukiskeun perasaan penulisna, tapi loba ogé anu mangrupa naséhat atawa
kisah.[2] Guguritan biasan ngan ukur tina
sababaraha pada, sanajan Dangdanggula Laut Kidul jeung Asmarandana Lahir Batin, rada panjang, kitu ogé
guguritan H.Hasan Mustapa umumna 100-200 pada, aya ogé anu
400 pada panjangna.[2] Jalma maca guguritan biasana
dilagukeun anu disebut ngahariring nyaéta ku lagu-lagu tembang, aya ogé
sababaraha guguritan nu dipaké salaku patokan nembangkeun pupuh, misalna pada kahiji Laut Kidul dipaké nyanyikeun
lagu pupuh dangdanggula, sedeengkeun pada kahiji Lahir Batin dipaké pikeun
nyanyikeun lagu pupuh Asmarandana.[2] Dina masa saacan perang murid-murid
di sakola Angka II jeung utamana Sakola Guru (Normaalschool) diajrkeun nembang
jeung nulis guguritan, nu matak maranehanana terampil lain ngan ukur nyanyikeun
sesuai jeung lagu pupuh, tapi bisa ogé nyusun guguritan ku sorangan biasana di
nyanyikeun dina acara tertentu, misalna perpisahan sakola, peringatan hari
besar, aya ogé dina surat menyurat.[2]
Kaparigelan
nyieun guguritan dianggap salaku kahéngkéran hiji jalma komo lamun manehna
pinter nembangkeunana ogé.[2] Sabab dina masa sanggeus perang
disakola-sakola Dangding jeung cara nembang teu diajarkeun sacara inténsif,ku
kituna guguritan leungit popularitasna, kecuali dikalangan ahli mamaos tapi éta
ogé ngan ukur kawatesan ku ngapalkeun guguritan nu geus aya.[2] Sanajan kitu guguritan
kadang-kadang, di muat dina majalah atawa surat kabar.[2] Kumpulan guguritan anu munggaran,
anyar terbit taun 1991, nyaéta Jamparing Hariring (Anak panah senandung)) Karya Dédi Widyagiri, sarta dituturkeun ku guguritan Munggah Haji ku Yus Rusyana (Bandung 1995), Ring-ring Ciawaking
Wahyu
Wibisana (Bandung
1999), jeung Jaladri Tingtrim ku Dyah Padmini (Jakarta 2000).[2]
Referensi
· (id) Rosidi, Ajip. Guguritan, Kiblat Buku Utama,
Bandung,2011.
· (id) Énslikopedia Sunda.Pustaka
Jaya.2000.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar