Carita
pondok (TINA WIKIMEDIA)
atawa
mindeng disingget minangka carpon nyaéta hiji wangun prosa naratif fiktif. Carpon téh mangrupa tarjamahan
tina Basa Inggris nyaéta short story atawa nu basa Indonesiana cerita
pendek. Wangun carita pondok nu aya dina sastra mah datangna ti Eropah.
Nepi ka ayeuna teu acan aya watesan naon ari carita pondok téh, nu puguh mah
carita pondok teh nyaéta kajadian atawa sabagian tina kajadian anu dicaritakeun
ku pangarangna kalayan daria, puguh anu ditepikeunana, karasa ayana hiji
masalah, puguh tokoh atawa nu ngalakonna bari ninggalkeun kesan keur nu maca. [1]