Jumat, 20 September 2019

SOAL PTS KLS 7 GANJIL


SOAL PENILAIAN TENGAH SEMESTER
BAHASA SUNDA KELAS VII

Semester                     : 1
Tahun Ajaran           : 2019/2020
Materi                         : Paguneman & Kaulinan Barudak
====================================================================

A.  PILIHAN GANDA
Pilih salasahiji jawaban nu dianggap paling bener!
1.      Sorangan bari sorana bedas
2.      Duaan tapi nu ngomongna saurang
3.      Duaan atawa leuwih bari silitempas
4.      Sorangan bari sorana teu kadéngé ku batur

1)        Nu merenah pikeun wangenan paguneman nya éta…
a.       No. 1                                      c. No.3
b.      No. 2                                      d. No.4
1.      Monolog                      4. Wawancara
2.      Dialog                         5. Epilog
3.      Prolog                          6. Nelepon

2)        Nu kaasup kana wanda paguneman nya éta…
a.       1, 2, 3                         c. 2, 4, 6
b.      2, 3, 4                         d. 2, 5, 6
1.      Di mana waé   3. Dina kaayaan dines
2.      Di jero kelas    4. Bari diuk dina korsi

3)        Tempat nu jadi sarat ngalumangsungkeun paguneman téh nya éta…
a.       No. 1                          c.  No. 3
b.      No. 2                          d.  No. 4
Ayeuna téh poé munggaran siswa kelas VII SMP Negeri 2 Kasokandel asup sakola. SMP Negeri 2 Kasokandel téh perenahna di Désa Ranjikulon, Kecamatan Kasokandel, Kabupatén Majalengka. 
4)        Kecap munggaran dina sempalan di luhur ngandung harti…
a.       Hareup                       c.  Panungtung
b.      Mimiti            d.  Pamungkas



                                  
Yayan: “Punten!”
Adang: “Mangga! Éh, geuning Yayan. Mangga ka lebet, Yan!”
Yayan: “Hatur nuhun, da moal lami ieu téh!”
Adang: “Aya naon, Yan?”
Yayan: “Nu mawi, abdi téh dijurungan ku pun bapa, engké wengi Pa Sukmana dilulungsur linggih di rorompok, bada Isa.”
Adang: “Aya acara naon kitu, Yan?”
Yayan: “Badé sukuran sakantenan wawanohan abdi sakulawargi sareng urang dieu.”

5)        Tujuan Yayan natamu dina sempalan paguneman di luhur téh nya éta…
a.       Nitah Adang ka imahna
b.      Dititah ku bapana ngondang Adang
c.       Dititah ku bapana ngondang Pa Sukmana
d.      Ngabéjakeun ké peuting bapana rék ka imah Pa Sukmana
1.    Nyarita kudu béntés               
2.    Nyarita kalawan gancang       
3.    Ngagunakeun lentong nu merenah
4.    Motong omongan batur
5.    Nyarita dibarung ku rengkuh nu merenah
6.    Nyarita dibarung ku poporongos

6)        Hal nu kudu diperhatikeun ku urang nalika ngalakukeun paguneman, di antarana…
a.       1, 2, 3                         c. 2, 3, 5
b.      1, 3, 5                         d. 2, 4, 6
1.    Mulih               4. Sumping
2.    Balik                5. Datang
3.    Candak            6. Cokot

7)        Nu kaasup kana ragam basa hormat (lemes) nya éta…
c.       1, 3, 4                         c. 3, 4, 6
d.      1, 3, 5                         d. 2, 3, 4

1.      Pikeun siliajénan
2.      Pikeun ngarendahkeun
3.      Pikeun silihormat
4.      Pikeun ngabéda-bédakeun jalma

8)        Anu henteu kaasup kana tujuan tatakrama basa téh nya éta…
a.       1 jeung 2                    c.  3 jeung 4
b.      1 jeung 3                    d.  2 jeung 4

Kuring kakara balik ti sakola.
9)        Lamun dirobah kana ragam basa hormat (lemes) keur ka sorangan jadi…
a.       Abdi nembé mulih ti sakola
b.      Abdi kakara mulih ti sakola
c.       Abdi nembé wangsul ti sakola
d.      Abdi nembé mulang ti sakola

Kamari bapa kuring jeung bapa manéh indit ka Bandung.
10)    Larap nu merenah pikeun ngarobah kalimah di luhur nya éta…
a.       Kamari pun bapa sareng tuang bapa angkat ka Bandung
b.      Kamari pun bapa sareng tuang rama angkat ka Bandung
c.       Kamari tuang bapa sareng pun rama angkat ka Bandung
d.      Kamari pun bapa sareng tuang rama mios ka Bandung
1.      Lalaguan nu raket patalina jeung kaulinan barudak
2.      Mangrupa karya balaréa
3.      Sok disebut ogé lagu rahayat

11)    Ungkara di luhur téh mangrupa ciri tina .…
a.       Kawih                        c.  Tembang
b.      Kakawihan                 d.  Pupuh
1.  Oray-orayan    4. Paciwit-ciwit lutung
2.  Congklak         5. Pérépét jengkol
3.  Boyboyan        6. Galah

12)    Kaulinan barudak anu dibarung ku kakawihan, di antarana …
a.       1, 3, 4                         c.  1, 4, 5
b.      2, 4, 5                         d.  2, 5, 6

1.  Congklak                     4. Jajangkungan
2.  Ngadu langlayangan   5. Béklen
3.  Anjang-anjangan         6. Gatrik

13)    Kaulinan barudak anu ilaharna dipaénkeun ku barudak lalaki, di antarana…
a.       1, 2, 4                         c.  4, 5, 6
b.      2, 3, 5                         d.  2, 4, 6
1.  Jajangkungan   4. Paciwit-ciwit lutung
2.  Cingciripit       5. Ucing-ucingan
3.  Béklen             6. Gatrik

14)    Kaulinan barudak anu merlukeun alat, di antarana…
c.       1, 3, 6                         c.  3, 5, 6
d.      1, 3, 5                         d.  2, 4, 5
……….
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu paré
Bulu paré seuseukeutna
Jol Pa Dalang mawa wayang
Jrék, jrék, jrék, nong...

15)    Judul kakawihan di luhur téh nya éta…
a.       Oray-orayan   c.  Paciwit-ciwit lutung
b.      Cingciripit      d.  Ambil-ambilan
16)    Perhatikeun gambar di handap!
Gambar di luhur téh mangrupa alat pikeun kaulinan barudak anu disebut…
a.       Béklen                        c.  Sondah
b.      Congklak                    d.  Gatrik

17.                                                                                  








Gambar di luhur nuduhkeun kaulinan…
a.    Cingciripit                     c.  Boy-boyan
b.    Oray-orayan                  d. Bébénténgan

18.    Kaulinan anu maké bal tuluy numpukeun potongan kenténg, sanggeus kitu saurang-saurang ngalungkeun bal kana kenténg, lamun kenténg geus runtuh, anu ucing tuluy ngaberik ka nu maraén, disebut kaulinan...
a.       Bébénténgan              c.  Ucing sumput
b.      Boyboyan                   d.  Maén bal
19.    Di handap mangrupa gambar kaulinan barudak anu aya di tatar Sunda, anu kaasup kana kaulinan sondah nya éta ...
a.                             

b.                        





c.                   

d.                   

1.      Bisa dipaénkeun ku lalaki atawa awéwé
2.      Butuh pamaén anu loba
3.      Tempatna kudu lega
4.      Teu maké kakawihan
5.      Aya dua tim/lawan
6.      Teu make alat
20.    Jenis kaulinan anu kagambar tina ciri-ciri di luhur disebut kaulinan…
a.       Gatrik                    c.  Galah
b.      Hahayaman           d.  Oray-orayan