Jumat, 20 September 2019

SOAL PTS 2019


SOAL PENILAIAN TENGAH SEMESTER
BAHASA SUNDA KELAS VIII

Semester         : 1
Taun Ajaran  : 2019/2020
Materi             : Rumpaka Kawih jeung Warta

 

Teu honcéwang sumoréang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur téga pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdéka                     

1.      Judul kawih di luhur nya éta ...
a.       Lemah Cai
b.      Karatagan Pahlawan
c.       Tanah Sunda
d.      Bandung Lémbang
2.      Kawih di luhur téh nyaritakeun tentang ...
a.       Perjuangan
b.      Lemah Cai
c.       Tanah Sunda
d.      Pamandangan tatar Sunda
3.      Rumpaka kawih raket patalina jeung ...
a.       drama jeung sastra
b.      sastra jeung seni musik
c.       seni musik jeung drama
d.      bahasa jeung seni musik
4.      Kolaborasi antara sastra jeung seni musik disebutna ...
a.       Drama             b. teater           c. tarian tradisional      d. musikalisasi sajak (puisi)
5.      Ieu di handap mangrupa judul-judul kawih Sunda, iwal ...
a.       Manuk Dadali             c. Bubuy Bulan          
b.      Peuyeum Bandung      d. Mojang Priangan
6.      Kecap sésépak kaasup kana kecap rajékan ...
a.       dwimadya       c. dwilingga
b.      trilingga           d. dwipurwa
7.      Kecap sababaraha kaasup kana kecap rajékan ...
a.       trilingga           b. dwimadya               c. dwilingga    d. dwimurni
8.      Anu kaasup kana kecap rajékan dwiréka nya éta ...
a.       Aki-aki            b. umat-imut                c. hah-héh-hoh d. bebedil
9.      Si Jaki mah sok ........ baé ka si Enung téh. (lirik)
a.       larak-lirik         b. lilirik                        c. lirik-lirik       d. lirik
10.  ............. di lembur mah balageur pisan. (jalma)
a.       jalmaan            b. jalma-jalma              c. jalma-jalmi   d. jalma

Mobil pikeup anu ditumpakan ku karyawan pabrik aci tabrakan jeung beus Hébring di Sadang, kamari soré (12/2). Akibatna lima karyawan pabrik aci tatu parna sarta kudu dibawa ka Rumah Sakit Bayu Asih, Purwakarta.
Mobil pikeup anu ngangkut karyawan pabrik aci téh nyiap treuk, teu kanyahoan ti hareupeunana datang beus Hébring. “Jedag wé diadu, sorana gé meni tarik.” Ceuk émén anu harita aya di sisi jalan tempat kajadian.



11.  Naon inti carita nu hayang ditepikeun dina warta di luhur?
a.       Mobil pikeup anu ngangkut karyawan pabrik aci nyiap treuk
b.      Lima karyawan pabrik aci di bawa ka Rumah Sakit Bayu Asih, Purwakarta
c.       Mobil pikeup nu ditumpakan karyawan pabrik aci tabrakan jeung beus Hébring
d.      Kamari soré aya tabrakan di Sadang
12.  Saumpama nilik kana eusina, susunan unsur 5W+1H dina warta di luhur nya éta ...
a.       Saha, Di mana, Iraha, Kumaha, Ku naon, Naon
b.      Saha, Naon, Ku naon, Di mana, Iraha, Kumaha
c.       Naon, Di mana, Iraha, Kumaha, Ku naon
d.      Naon, Saha, Di mana, Iraha, Kumaha, Ku naon
13.  “Mobil pikeup anu ngakut karyawan pabrik aci téh nyiap treuk, teu kanyahoan ti hareupeunana datang beus Hébring”.
Unsur 5W+1H nu dituduhkeun dina kalimah di luhur nya éta ...
a.       What (naon)
b.      Who (saha)
c.       How (kumaha)
d.      Why (ku naon)
14.  Sanggeus niténan conto warta di luhur, urang bisa nyindekkeun yén warta téh nya éta ...
a.       Béja ngeunaan hiji kajadian nu hayang ditepikeun ka balaréa
b.      Béja ngeunaan hiji kajadian nu hayang ditepikeun ka hiji jalma
c.       Béja ngeunaan hiji kajadian nu teu kudu ditepikeun ka balaréa
d.      A, B, jeung C bener
15.  Salah sahiji ciri warta nya éta ...
a.       Obyéktif, nétral, saluyu jeung opini atawa pamadegan pribadi
b.      Obyéktif, nétral, saluyu jeung fakta atawa data nu sabenerna
c.       Obyéktif, nétral, mihak ka salah sahiji golongan
d.      Obyéktif, teu nétral, saluyu jeung fakta atawa data nu sabenerna
16.  Anu kaasup kana kalimah pagawéan di handap ieu nya éta ...
a.       Bu Iceu nuju ngawulang di kelas VIII.
b.      Anu can mayar iuran kari duaan deui.
c.       Sapatu téh kurang jangkung hakna.
d.      Lanceukna téh mahasiswa di UPI Bandung.
17.  Anu kaasup kana kalimah bilangan di gandap ieu nya éta ...
a.       Mang Adang keur meuli sorabi.
b.      Tabungan si Toto geis ampir dua juta.
c.       Hayam jago hésé ditéwakna.
d.      Barudak rék maéh sépak bola.
18.  Anu kaasup kana kalimah sipat di handap ieu, iwal ...
a.       Kebon Raya Kuningan dipikaresep ku balaréa.
b.      Néng Susi geulis.
c.       Kang Mus bageur pisan.
d.      Yadi geus meuli buku basa Sunda.
19.  Kang Reza keur meuli calana ka CSB.
Kalimah di luhur téh kaasup kana ...
a.       Kalimah pagawéan
b.      Kalimah sipat
c.       Kalimah barang
d.      Kalimah bilangan
20.  Piuntungeun dagang téh aya kana dua puluh rébuna.
Kalimah di luhur téh kaasup kana ...
a.       Kalimah sipat
b.      Kalimah bilangan
c.       Kalimah barang
d.      Kalimah pagawéan


Tidak ada komentar:

Posting Komentar