Jumat, 23 Oktober 2015

CARITA PONDOK



Carita pondok (TINA WIKIMEDIA)
atawa mindeng disingget minangka carpon nyaéta hiji wangun prosa naratif fiktif. Carpon téh mangrupa tarjamahan tina Basa Inggris nyaéta short story atawa nu basa Indonesiana cerita pendek. Wangun carita pondok nu aya dina sastra mah datangna ti Eropah. Nepi ka ayeuna teu acan aya watesan naon ari carita pondok téh, nu puguh mah carita pondok teh nyaéta kajadian atawa sabagian tina kajadian anu dicaritakeun ku pangarangna kalayan daria, puguh anu ditepikeunana, karasa ayana hiji masalah, puguh tokoh atawa nu ngalakonna bari ninggalkeun kesan keur nu maca. [1]

DONGENG SUNDA



Dongéng (TINA WIKIMEDIA)
nya éta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. [3] Numutkeun kamus dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina [4]. Budi Rahayu Tamsah nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok. [5] Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna. [6] Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit. [6] Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja. [6]
Dumasar kana eusina dongéng dibagi jadi tujuh nya éta :

GUGURITAN



Guguritan (Ti Wikimedia)
nyaéta ungkara sastra anu winangun dangding atawa pupuh anu sakapeung ogé sok disebut wawacan.[1] Henteu aya wangenan anu cindek anu ngabédakeun guguritan jeung wawacan.[1] Sanajan guguritan mah biasana dipaké nyebut dangding anu henteu panjang tur biasana ngagambarkeun rasa lirik anu nulisna atawa mangrupa naséhat, sedengkeun ari wawacan biasana mangrupa carita, tapi henteu saeutik guguritan anu panjangna leuwih ti wawacan, upamana guguritan kénging H. Hasan Mustapa (1852-1930) aya nu panjangna nepika 500 pada, réréana panjangna kurang leuwih 200 pada, sabalikna réa wawacan anu ngan ukur saratus dua ratus pada.[1] Kitu deui aya deuih guguritan anu eusina mangrupa carita anu kayaning "Kiamat Leutik" kénging Toebagoes Djajadilaga atawa "Nu Alus Tetep Alusna" Kénging A. Kartawinata ( dimuat dina mingguan Parahiangan, 1930).[1]

Senin, 29 Juni 2015

GUGURITAN MILANGKALA MAJALENGKA


GUGURITAN
MILANGKALA MAJALENGKA
(PUPUH KINANTI)
Muh. Yusuf Syaefudin

1.
Ayeuna anu kacatur
Milangkala Sindangkasih
Nu nelahna Majalengka
Hiji nagari nu mukti
Pernahna di beulah wetan
Sa-Jawa Barat mo lali
7.
Sadayana pada syukur
Ka gusti nu Maha Asih
Nu ngersakeun kamulyaan
Di nagari Sindangkasih
Nagara tinemu bagja
Kawuwuh ridona Gusti

         


2.
Wewengkon nu subur ma’mur
Lahan lendo cur cor cai
Pasawahan pahumaan
Patani pada marukti
Anu dagang estu senang
Ayem tengtrem sepi paling
8.
Tawis bingah ngiring aub
Wawakil ti tepis wiring
Ngantay panjang nyatang pinang
Kairing rupaning seni
Seni ibing seni sora
Pon kitu hasta karyana