Senin, 29 Juni 2015

GUGURITAN MILANGKALA MAJALENGKA


GUGURITAN
MILANGKALA MAJALENGKA
(PUPUH KINANTI)
Muh. Yusuf Syaefudin

1.
Ayeuna anu kacatur
Milangkala Sindangkasih
Nu nelahna Majalengka
Hiji nagari nu mukti
Pernahna di beulah wetan
Sa-Jawa Barat mo lali
7.
Sadayana pada syukur
Ka gusti nu Maha Asih
Nu ngersakeun kamulyaan
Di nagari Sindangkasih
Nagara tinemu bagja
Kawuwuh ridona Gusti

         


2.
Wewengkon nu subur ma’mur
Lahan lendo cur cor cai
Pasawahan pahumaan
Patani pada marukti
Anu dagang estu senang
Ayem tengtrem sepi paling
8.
Tawis bingah ngiring aub
Wawakil ti tepis wiring
Ngantay panjang nyatang pinang
Kairing rupaning seni
Seni ibing seni sora
Pon kitu hasta karyana





3.
Rahayat tunduk satuhu
Sumembah ka Maha Suci
Taat sakur parentahna
Nebihan cegahing Gusti
Hade budi ka sasama
Silih asah silih asih
9.
Patani henteu kakantun
Nembongkeun rupaning hasil
Sakur nu aya dibawa
Anu ditanggung dijingjing
Jagong, sampeu, waluh, nangka
Pare, terong, kentang, hui




4.
Pon kitu parapangagung
Asak riksa rikrik gemi
Toweksa ka rahayatna
Dibarengan welas asih
Nu dipalar karaharjan
Sapangeusi Sindangkasih
10.
Ahli seni ngiring aub
Pinton wewesen teu kari
Seni buhun wanda anyar
Utami seni tradisi
Ngahibur sakumna warga
Sangkan sami bingah ati




5.
Kiwari sadaya kumpul
Sakumna pangeusi nagri
Di puseur dayeuh pernahna
Alun alun Sindangkasih
Hempak seja sukan-sukan
Galumbira suka seuri
11.
Sakur barang anu alus
Tina kai tina awi
Dipintonkeun sadayana
Pon kitu Motor jeung mobil
Dipapaes rupa kembang
Mawar, anggrek jeung malati




6.
Lulugu parapangagung
Kairing  parapangaping
Tihothat sakur aparat
Cakah-cikih hanteu cicing
Ngariksa sakumna rayat
Sangkan bagja ati tingtrim
12.
Pamungkas nu kapihatur
Umajak ka sugri wargi
Yu picinta Majalengka
Ku cara bakti ka nagri
Hirup rukun sauyunan
Silih asah silih asih.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar